Minggu, 26 Maret 2017
biantara cinta tanah air
assalamu'alaikum wr wb
Alhamdulillahi robbil ‘alamin. Wassholatu wassalamu ‘ala Muhammadin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du
bapa guru nu ku sim kuring di pihormat, rerencangan sadaya nu ku sim kuring di dibanggakeun.
langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareung syukur ka hadirat Allah SWT , anu parantos masihan nikmat sehat sangkan urang tiasa kempel dina acara ieu, teu hilap shalawat sinareung salam hayu urang panjatkeun ka junjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sahabatna, sarta urang salaku umatna dugika ahir jaman amin ya allah ya rabbal alamin.
hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
di zaman ayeuna komodeui di era modern ieu rasa cinta masarakat komodeui di kalangan remaja utamina palajar ka tanah air mingkinan kurang,salah sahiji sababna lantaran kuayana budaya tiluar nu nyababkeun masarakat kapangaruhan, ayana kamajuan teknologi, jeung sajentrena. urang salaku masrakat indonesia kuduna cinta ka tanah air. tapi kanyataan na seuer masarakat indonesia nu sok ngabandingkeun nagara urang jeung nagara lain,sarta seuer masarakat nu kurang cinta kana produk produk local.
hadirin nu dipihormat
numbuhkeun rasa cinta ka tanah air emang sesah, cinta ka tanah air teh kudu aya tina dirina sorangan sacara alami moal bisa kudipaksa, komodieu urang salaku palajar kudu bisa numbuhkeun rasa cinta ka tanah air, sabab urang sadaya teh penerus bangsa di nagara ieu. seuer hal nu ku urang salaku palajar bisa dilakonan jang ngawujudkeun rasa cinta urang ka tanah air, diantarana: urang kudu bisa lewih rajin jeung bener-bener dina diaj
ar supaya urang jadi generasi penerus nu berkualitas, ngiringan upacara nu sok rutin dilaksanakeun tiap mingguna,jeung sajabana
hadirin nu dipihormat
cinta tanah air oge bisa urang lakonan ku cara ngenang jasa para pahlawan nu pernah ngabela bangsa, ngamumule tradisi nu aya di nagara indonesia, saterasna urng ge kudu cinta kana produk-produk local, jeung nusanesna.
makana ti eta hayu urang tingkatkeun rasa cinta urang ka tanah air, sabab cinta ka tanah air teh penting lamun masarakat teu cinta ka tanah air nagara ieu bisa hancur. komodeui urang salaku palajar kudu cinta ka tanah supaya urang tiasa jadi generasi penerus bangsa nu nu bisa ngamakmurkeun jeung ngasejahterakeun nagara indonesia.
dupi mungsakitu nu kapihatur kurang lewih na nyuhunkeun di hapunten,komodeui basa nu kirang merenah. haturnuhun kana perhatosan nana.
wabillahitaufik walhidayah
wassalamu'alaikum wr wb
Langganan:
Postingan (Atom)
